Nami
abdi Muhamad Faruq, abdi lahir di Garut, 01 Juni tahun 2000. Pondokna, pas abdi
kelas 3 SD, abdi salah sahiji murid pang bangorna di kelas, bahkan di lembur.
Kabangoran di sakola nyaeta tina ka teterekelan dina tangkal nu aya di sakola,
gelut, jail ka batur, nyumputkeun sapatu, nyumputkeun topi, paltot, pulpen,
buku, kantong, jeung nu seringna mah nyengceurikan batur, khususna adi kelas,
bade istri atanapi pameget sadayana di jailan ku abi dugi ka nangis. Matak abi
mah tos biasa pami di ontrog ku orang tua murid teh, bade di carekan atau di
jewer ge abi mah tos biasa, di gaplok oge tos jadi kabiasaan abi pami tos
nyengcerikan batur. Tapi, di sakola abi kalebet murid anu aktif, lebet kana
ranking 10 besar wae tina 42 murid. Hiji dinten pas abdi kelas 3 SD, uih
sakola, abdi sareng rerencangan abdi ameng ka Cimanuk bade ngojay. Abdi biasa
ngantosan rerencangan nu sanes di sawah caket bumi abdi bari nyanyandak awi, da
duka kunaon, pami kamana-mana teh sok asa resep pami nyekelan awi, asa gaya we
kitu. Pas rerencangan tos ngarumpul nu sadayana aya 7 orang sareng abdi,
arurang langsung angkat ka cimanuk jalan sawah. Nami cimanuk nu sok di ojayan
ku abi nyaeta Cipulus, jalanna teh kedah ka sawah heula, teras ngalewatan
leweung awi, teras turun ka handap ka Cipulusna. Di perjalanan, abdi sareng
rerencangan mendakan tangkal jambu liar, nuju leubeut. Arurang teh langsung we
eta naraek ciga monyet kana tangkal, milarian jambu anu asak. Pas malarian
jambu nu asak, eta mah da kedah di bagi rata nu meunang jambu teh, meh adil
caritana mah. Bari pa anjing-anjing, pa goblog-goblog tea da hayang kabagean
anu badag jambuna. Nyakitu tea abi mah, meskipun sok karasar pa anjing goblog,
tapi eta teh tos janten komunikasi sadinten-dinten sareng rerencangan mah.
Saatos ngala jambu, abi sareng rerencangan ngalanjutkeun perjalanan ka Cipulus,
pas di leuweug awi, abi sareng rerencangan malarian salumpit, salumpit teh ciga
kulit anu nempel dina tangkal awi, tiasa di angge kanggo sosorodotan kusabab
jalan ka Cipulus teh mudun, abi sareng rerencangan sok sosorodotan ti leweung
awi dugi ka Cipulusna. Waahhh eta mah rame pisan sosorodotan ti luhur dugi ka
handap bari pungkal pengkol si jalan satapakna teh da terjal nepi ka bujur can
karasa panas mah moal waka ereun jeung nangtung tina salumpit. Pas dugi di
Cipulus, abi sareng rerencangan langsung buka acuk, dibuligir langsung ngojay,
ngajleng tina tebing, jeung malarian remis. Saatos cape ngojay, arurang moyan
dina batu nu ageung di caket wahanganna, terus si Jepoh nyarios manehna lapar
(bari cengkat jeung langsung di baju deui da bade milarian tuangeun) Pas
mapayan leweung, arurang manggihan kebon hui, eta mah ku insting lapar teh
kebon hui di raradan, ludes, pabalatak siga nu di acak ku bagong. Tos meunang
hui, balik deui ka Cipulus, meleum hui di sisi wahangan. Anu ngadamel kajadian
ieu membekas nepi ka ayeuna teh nyaeta, saatos emam eta hui menang maok,
enjingna 7an nana termasuk abi teu lebet sakola gara-gara nyeuri patuangan
sadayana. Eta mah pas tos lalebet seseurian ngadongengkeun kajadian eta maok
hui bari ngacak-ngacak kebon. Mereun eta nu disebut adzab ti Allah teh haha.
Pas abi kelas 4, abi ditunjuk ku sakola kanggo ngiringan lomba cerdas cermat sa
kabupaten garut sareng 2 rerencangan abi, nu hiji na teh nyaeta dulur abi
nyalira. Pas lomba cerdas cermat sa Gugus V, SD abi nu di wakilan ku abi menang
ka hiji. Pas cerdas cermat sa kabupatenna, SD abi posisi ka 2 di lomba nu ka 3,
haneeulna teh ngan 1 grup anu di candak ka babak semifinal, nya terpaksa SD abi
gugur. Inget keneh abi mah dimana di pasihan acis Rp. 20.000 sewang ku guru
pembimbing abi, padahal abi ngarasa biasa pas eleh oge, teu nyeri hate atau
kumaha, cuman manglebarkeun hungkul mun nu di candakna 2 grup mah abi bakal
ngiringan keneh. Tapi, nu anehna pas kelas 4 teh, meskipun abi ngiringan cerdas
cermat abi ngarasa eta teh masa-masa abi bego pisan, soalna nilai akademik abi
turun, meskipun masuk 10 besar, tapi abi posisi ka 10. Anu biasana 6 besar, ieu
ka 10, nya abi ge nyadar sih abi teh orangna emang pemalas pisan, alim nulis,
alim ngerjakeun PR, meskipun abi tiasa tapi abi alim. Pas abi kelas 5 SD, eta
masa-masa dimana abi teh mencapai puncak kejayaan pas SD soalna abi rangking ka
4 di kelas, meskipun sifat males abi mah masih keneh aya dugi ka ayeuna ge. Pas
kelas 5 SD, abi pernah ngiringan lomba kreatifitas sa kabupaten Garut, abi
ngawakilan SD abi. Abi ge teu nyangka abi tiasa ngawakilan SD abi, padahal
gara-gara kerajinan abi jadi anu pang saena di kelas, abi di piwarang
ngawakilan SD abi tina lomba kreatifitas sa kabupaten Garut. Pas bade lomba,
abi bingung bade ngadambel naon kanggo engke lomba, tungtungna mah kajongjonan
ameng we, pas 1 hari sateu acan angkat lomba, abi di ambekan ku Ibu abi kusabab
can aya ide kanggo engke lomba. Abi pas di carekan teh bari niggal kanu botol
Pocari Sweat anu kosong. Tidinya abi kabayang ngambel gelas tina botol tilas,
tinggal di potong ujungna, terus di lelehkeun kanu caket tutup botolna, potong
we supaya katinggal jadi ciga gelas Anggur. Ide eta ku abi candak ka lomba,
terus di dambel, 10 menit teh tos beres abi mah sedangkeun peserta nu sanes
masih keneh utakatik ngadambel nu lain-lain. Tapi, Alhamdulillah abdi ka 8 tina
30 peserta anu ngiringan lomba kreatifitas. Pas kelas 6 SD, hal anu membekas
nepi ka ayeuna nyaeta ngarokok, eeut tuwak, sareng bobogohan. Kelas 6 jadi
pertama kali abi mimitian nyobaan nu namina rokok, hiji wengi, abi diajakan ku
rerencangan abi nu usiana beda 2 tahun sareng abi, nyaeta si Ijal, Ijal
ngajakan abi jeung Jepoh ka tempat anu kosong di gang setan nu aya di pengkeren
masjid Darussalam. Tidinya Ijal nawaran rokok, abi teh saking ku panasaran
kumaha rasana, langsung we di seseup, tapi langsung batuk jeung rasa rokokna teh
pait da rokok murah merek Extreme anu Rp. 500 an. Tidinya abi nyobaan rokok,
teu pernah hoyong nyobaan deui nu namina rokok. Teras, wengi nu sanesna pas
saatos ngaji, Ijal ngajakan abi, Jepoh, Fikri ka bumi Epul. Dina sarungna teh
Ijal nyandak kalapa kolot, abi mah ngiring we da pedah balad tea. Pas dugi di
bumi Epul, Kalapa kolot eta langsung di purak terus di cicikeun kanu mangkok
anu badag, tos eta teh di campur sareng extra joss jeung kukubima. Abi mah da
teu apal, tiis we pas di pasihan sagelas teh, ceuk Ijal teh “Inum sok, ngeunah
siah” ku abi teh di inum eta ci kalapa campuran teh, seep langsung sagelas,
biasa we kitu ngobrol. Pas jam 8 abi sareng Fikri uih ka bumi biasa. Pas
enjingna di sakola, Fikri naros ka abi: Fikri: Ruq, maneh kamari di imah
ngalayang teu? Abdi: Hah? Ngalayang naon ai maneh? Fikri: Heeuh pas geus nginum
kalapa kamari maneh ngarasa ngapung teu? Abdi: Henteu ah, biasa teu karasa
nanaon. Fikri: Kamari teh nya, eta ci kalapa teh ngaranna Tuwak, paragi mabok.
Abdi: Wah? Tapi urang biasa ning teu ngarasa ngalayang atau kumaha Fikri:
Nahanya? Biasana ge sok ngarasa ngalayang anu nginum tuwak teh. Abdi: Duka tah.
Tidinya we abi teh rada was-was da bisi di ajakan mabok deui, da sieun bisi
kapanggih ku Ibu. Ka panggih ka rental PS wae di siksa, komo ieu mabok. Teras
pas kelas 6 teh abi bobogohan sareng istri anu di kelas A da abi mah kelas B,
soalna SD Cibunar 1 disebutna kelas A, sedangkeun SD Cibunar 2 disebutna kelas
B. Eta mah asa bener we cinta teh, kabayang mun nikah jeung itu kumaha terus
kumaha. Asa endah pas zamanna mah. Pas abi SMP, abi hoyong ka SMP 2 Tarkid da
meh sae sakolana, ai ceuk bapa teh “Faruq mah mening ka pasantren heula, ke SMA
na sok we bisi ek ka SMA oge”. Akhirna abi sakola di MTS Persis Tarogong. Ti SD
abi, ngan abi nu daftar kadinya jadi pas awal-awal mah abi teu gaduh
rerencangan sasaha. Pas di ospek, abi sakelompok ejeung jalmi anu ngagaduhan
hobi anu sami, nyaeta maen game terus ka warnet. Tidinya we abi mimiti caket
sareng batur anu beda sakola asalna. Tos sakola bias amah mulai kenalan sareng
anu sanes, aya nu orang sukadana, cilawu, cempaka, tarogong, panawuan, bahkan
aya anu ti luar kota, Palembang, Bekasi, Tangerang, jeung sajabana. Pas kelas 7
abi biasa kitu, bangor, males seperti biasa. Ngan, pas tos 3 bulan, abi sareng
kabogoh abi nu di lembur teh putus, da beda sakola tea jeung tara pendak di
lembur da tos tara ngaji deui pas SMP mah. Tapi, abi maceuh pisan kana istri
pas MTS teh, saatos putus jeung nu di lembur, abi bobogohan sareng orang
ciwalen. Biasa we kontakan namah dina Facebook, da rame pisan baheula mah
Facebook teh. Jeung nu ieu mah bobogohan teh nepi ka 6 bulan, saatosna putus da
abina janten Staf RG dimana asa WAH pisan pokokna mah mun jadi Staf RG teh.
Tidinya abi mulai mengenal anu namina Organisasi, kepanitiaan, Bansos, jeung nu
sajabana salami ngajabat jadi Staf RG teh. Pas sakola di MTS ieu abi jadi resep
ka dunia luar, dimana awalna abi amengna ka leweung, ka cimanuk, ka kebon, pas
MTS mah ka kota jalan-jalan jeung rerencangan, ka warnet nu di kota babarengan,
apel di Ramayana, pokokna mah sapek masuk pasantren jadi asa isin lamun sa
angkot jeung UG teh, tapi di lembur jeung rerencangan istri mah biasa we kitu.
Tidieu oge abi mimitian ngapalkeun hadits jeung qur’an tiap minggu, meskipun
pas sakola agama ge pernah, tapi di pasantren mah asa sering tea kitu jadi
karasa beurat pisan, soalna abi jalmina pemalas pisan, jadi pami ngapalkeun
qur’an atau hadits teh pas wengi enjingna setoran we, jadi jarang hafal seeur
da kabiasaan anu kitu. Di pasantren oge diajarkeun nulis Bahasa arab anu bener,
khusus buku tulisna teh kanggo nulis arab meh sae, dilatih terus. Bari ka abi
mah ngaruhna teu signifikan da tiawalna emang anyar kanggo abi nu kieu teh,
teras hoream soalna sok seeur wae pami sakali nulis teh. Di pasantren diajar
Bahasa arab, Bahasa anu ku abi teu dipikaresep ti jaman sakola agama pas SD,
soalna sok hese ingetna iwal ti 1-10 mah inget keneh. Matak pas di MTS mah abi teh
jadi jalmi anu biasa, teu ka tinggal prestasina soalna abi payah masalah
kepesantrenan mah. Tidinya we abi teh ngiringan bela diri Syufu Taesyukhan
soalna resep, abi ti SD emang rutin Latihan Silat di lembur abi, ti MTS abi
Latihan Taesyukhan, soalna tiasa tampil pas HI, jadi masih narsis pas MTS mah,
hoyong di tinggal abi teh pedah teu aya prestasi tea. Diajar Syufu Taesyukhan teh
asa diajar Kung Fu ceuk abi mah, soalna aya beberapa Gerakan anu kalem, ciga
tina film-film Kung Fu, tidinya abi serius di ajarna da resep tea, kelincahan
jago, kekuatan tos tiasa nahan tonjokan itu ieu, iwal ti stamina hungkul nu
butut teh soalna sok begadang da maen game. Dugi ka tangkal cau anu di kebon
oge sok di angge Latihan ku abi mah, saacan aya Salam dari Binjai teh, abi tos
tipayun nonjokan tangkal cau teh, ngan teu nepi ka ambruk hungkul. Hiji waktu,
abi diajakan Latihan ku kakak kelas kanggo tampil pas HI, tidinya abi sumanget
pisan cacakan tampilna pas kelincahan hungkul, Latihan serius, uih sakola
langsung Latihan, kitu terus dugi ka hari penampilan, eta mah adrenalin naek
pisan, UG-UG ka parayun ninggal, ngagorowok, tepuk tangan, ah asa di panggung
pisan ieu mah. Komo pas kelincahan, bagean abi loncat harimau ngalewatan 4
orang, pas ngagajleng teh UG ngagorowok, pas mendarat tepuk tangan, asa puas
pisan, resep pisan pokokna mah asa jadi Ksatria saharitaeun tea gening. Pas
kelas 8, abi pendak sareng Istri ti SMP 2 Tarkid, pedah eta ka lembur abi terus
ameng ka bumi dulur abi, abi teh nyungkeun nomer HP na, SMS an we tidinya mah
nepi ka jadi kabogoh. Pokokna mah pang langgengna jeung nu ieu mah, tiap wengi
teteleponan, sms an, patuker elmu oge. Pas kelas 8 oge abi masuk ka kelas
unggulan, tidinya teh katinggal perbedaan antara anu pinter jeung nu tapi
pinter. Salah sahiji pengalaman pas kelas 8 mah nyaeta pas sakelas meunang poin
hukuman nyaeta pas pelajaran matematika, sadayana teu ngerjakeun tugas, eta mah
sadayana ngumpulkeun buku hukuman terus sakelas kalaluar kelas bari seseurian.
Terus teu lami ti dinya, guruna kaluar bari nyarios “Pertemuan berikutnya, awas
kalo gk ada yang ngerjain PR lagi” arurang mah sakelas muhun-muhun we, tapi
untungna jam pelajaran jadi sakedap da teu aya nu ngerjakeun, si ibuna sibuk
nulis di buku poin anu seeurna 32 santri. Kelas 8 abi kapilih deui jadi Staf
RG, tidinya abi mulai ngaraos sibukna nunamina organisasi, acara BNN mah, acara
lomba mah, nguruskeun HI mah, jeung sajabana. Pas study tour kelas 8 ka
Yogyakarta, nu jadi special di beus abi mah nyaeta ngahiji sareng UG, da kosong
keneh matak di hijikeun sareng UG. Pas di perjalanan teh rame we biasa RG di
tukang UG di payun, jadi rame jeung karagok tea da aya UG. Pas di hotel, kamar
abi pa payun-payun jeung kamar istri, jadi sok pa curi-curi pandangan tea
gening da keur ABEGE keneh. Di kamar hotel teh abi sakamar ejeung anu rada cuco
kitu, jadi di jailan terus pas di kamar teh nepikeun ka panto wc ge rusak,
lesot tina slotna da bade jail tapi ku si cuco teh di tahan jadi we rusak.
Terus shower, bocor si selangna. Pokokna mah kamar anu raruksak teh ukur kamar
abi hungkul da jail jeung garabagna, na kasur bari sasaltoan da saking ku
empukna eta kasur. Pas tos ti Borobudur jeung ka malioboro, arurang uih, tapi
beus abi mah nyasab duka kamana, jaba macet pisan. Jadi beus batur mah dugi
sakola teh dzuhuran, beus abi mah dugi ka sakola teh jam 10 wengina. Eta mah
oleh-oleh anu tos di peser oge seep di perjalanan da karunya kalaparan. Jadi
Study tour beus abi mah sanes 3 hari 2 malam, tapi 3 hari 3 malam. Eta ge jadi
pertama kali ngompol dina botol mizone, da nu aqua mah teu ceukap hahaha. Pas
kelas 9, tidinya mulai rame bade teruskeun sakola kamana, aya nu hoyong ka SMA,
aya nu bade dilanjutkeun ka Muallimien, aya nu ka MAN, aya oge nu ka SMK. Kelas
9 jadi momen dimana abi karasa efek tina sifat males jeung horeaman abi. Batur
mah aya nu ngiringan kursus itu ieu, aya nu ka GO, aya nu KUMON. Abi mah teu
ngiring kamanamana da diulah, babaturan abi mah aya nu ngiringan kursus terus
kenal jeung siswa di sakola lain, terus bobogohan. Abi mah masih jeung nu ti
SMP 2 kabogohna ge jadi teu kabita kanu masalah percintaan teh. Terus pas
bulan-bulan terakhir, kelas abi disuruh ngasihkeun foto-foto kanggo Buku kenangan.
Eta sakelas jeung walikelas sepakat angkat ka pamengpeuk. Pas hari
keberangkatan ka pamengpeuk, hari kamis sore saatos uih sakola, di jemput ku
elf anu tos ngantosan di lapangan poliklinik. Pas awal-awal angkat masih keneh
ramena elf teh, ngan pas di cikajang mulai cape, mulai tarunduh, barobo we
tungtungna mah na elf teh. Istirahat awal di cisompet, terus ngalanjutkeun
perjalanan nepi keun ka sampe ka tujuan nyaeta ka Cibalong, mondok di villa
rerencangan. Pas dugi di tempat langsung angkat ka pantai, mulai fofotoan heula
bari nungguan sunset. Abi sareng nusanesna mah mengbal di pantai bari oojayan,
najong bal ka pantai terus nungguan balik deui ka pantai. Tos magrib mah uih
deui ka villa, ibak we, wengina langsung babakaran lauk, teras bobo we. Enjingna
langsung angkat ka karang paranje kanggo fofotoan buken, bari ngojay jeung nyoo
pasir. Tos tidinya langsung uih deui ka villa terus ngantosan jemputan elf. Tos
aya jemputan mah langsung arangkat, barobo we na elf teh da carape. Dugi ka
sakola jam 5 sore, abi di jemput ku bapa, dugi ka bumi saacan magrib, tos we.
Pas tos lulus ti MTS, abi ngalanjutkeun sakola abi ka Muallimienna, da tos
kagok enakeun sakola didinya, seeur oge rerencangan abi nu ngalanjutkeun ka
Muallimien jadi abi seeur rencang keneh, komo balad maen PS abi mah angger jadi
sakelas. Pas di Muallimien, aya si Psychotest kanggo nentukeun jurusan, nilai
abi pas psychotest teh pang ageungna saangkatan nyaeta IQ 141 kategorina
jenius. Tapi abi ngarasa biasa we kitu, teu aya nu penting tina test eta. Tapi
abi dikenal ku Angkatan abi jadi Mr. IQ, padahal teu penting ceuk abi mah.
Terus, tidinya abi masuk ka kelas IPS, padahal sabenerna mah abi teh resep kana
IPA, ngan santri di kelas IPA tos aya ka 40 an, jadi abi ka IPS we nu sakedik,
da ka IAI mah sanes mina tabi. Salami belajar pas kelas 10 masih keneh aya
sababaraha mata pelajaran anu ku abi inget, sapertos jenis-jenis awan tina
pelajaran Geografi, elmu tata surya tina pelajaran Ilmu Falak, jeung nu
sajabana. Ilmu umum teh ka angge pisan, soalna pas abi dipiwarang ngawakilan
Rancabogo tina lomba debat nu di ayakeun ku STAIPI Expo, abi kengeng juara
ka-2, dimana abi eleh gara-gara juri nyarios abi kudu nyebutkeun nama ahli pas
nyantumkeun teori, padahal abi nyebutkeun nama ahlina. Tapi keun we da nu atos
mah atos. Pas naek ka kelas 11, ieu mangrupakeun masa kelam abi soalna,
semester 1 abi ranking ka 3, semester 2 abi ranking 11, jauh pisan. Kusabab pas
semester 2 abi putus jeung kabogoh abi da jarang pendak tea, nu parahna kabogoh
abi saatos putus jeung abi teh langsung gaduh kabogoh anyar, sedangkeun abi
masih keneh hese move on. Tidinya abi mulai tara ngerjakeun PR, hare-hare,
bahkan abi nepikeun ka eeut anggur merah supaya mabok, tapi teu mabok-mabok.
Pas abi sadar kana kesalahan abi pas abi terpuruk, nya tos telat kitu bade
ngomean nilai akademis teh soalna tos di akhir-akhir bade ka UAS. Pas kelas 12
we abi bade memperbaiki sadayana, tapi tidinya oge abi nembean ngarasakeun
kumaha rasana di acuhkeun ku babaturan, abi serius batur hereuy, abi hereuy
batur serius. Tidinya we abi berprinsip tina hirup abi “Why so serious?”. Naha
sih beut kudu serius-serius teuing, ai tungtungna kurang maksimal mah. Prinsip
eta ku abi cekelan nepi keun ka ayeuna. Pas kelas 12, abi mulai ngomean
kesalahan abi pas kelas 11, ejeung ngangge prinsip Why so Serious da meh abi
teu terpuruk deui. Pas kelas 12 oge abi ngiringan kursus Bahasa inggris, da
emang awalna abi resep kana Bahasa inggris, jadi hoyong leuwih ningkatkeun
kemampuan abi tina Bahasa inggris. Tiap hari rabu, abi jeung rerencangan abi ka
karangpawitan kanggo kursus Bahasa inggris. Terus, abi oge ngiringan Latihan
karate ka SMA 6 sareng rerencangan abi da pedah abi tos lami teu belajar bela
diri deui saatos Syufu. Tina karate, abi ikutan turnamen nu di ayakeun di SMK 4
Garut di karangpawitan, alhamdulillah abi juara ka 2 kategori kumite meskipun
sakola teu ngabantuan secara finansial. Pas diakhir-akhir, abi hoyong pisan
katampi SNMPTN di UNPAD jurusan Sastra Inggris. Pas ngantosan pengumumanna teh
abi sareng rerencangan abi nuju ngojay di cipanas da jadwal renang 3 an. Pas
beres sholat magrib, arurang ka tukang nasi goreng langganan bari ngacheck
pengumuman SNMPTN. Ai pek teh 3 an teu katarima, arurang teh berkabung bari
mikiran bade kamana dilanjutkeun kuliah. Rerencangan abi aya nu ka STAIPI, aya
nu ka UNSIL, abi mah awalna hoyong sakola kuliner cuman diulah da mahal, terus
di piwarang ka UNSIL mandiri, tos daftar ngan pas test ku abi di gagalkeun da
ibu ngaulah abi kuliah di luar Garut soalna teu aya nu mantosan pami aya
pesenan. Saur amang teh di piwarang kuliah ka UNIPI we nu kampus daerahna nu di
cisurupan, abi teh tampa we daripada henteu kuliah. Kuliah teu aya Passion di
UNIPI cisurupan nyandak Pendidikan Bahasa Inggris, kuliahna ngan hari jum’at
sareng Sabtu hungkul, sesana calik di bumi. Tos sa tahun kuliah, abi nyarios
hoyong pindah ka UIN Bandung, ai ku ibu di ulah da teu aya nu mantosan, ibu teh
miwarang pindah ka STAIPI we, abina alim da beda jurusan, ai abi hereuy ka ibu
kuliahna dua we, ai saur ibu sok we cobaan. Tungtungna mah, daftar ka STAIPI,
jadi we kuliah 2 tempat teh. Awalna mah pas kuliah biasa teu aya masalah, da
waktu tos ka bagi itu ieu, ai pas di UNIPI UAS, ngambil hari biasa anu di
STAIPI mah kuliah. Tidinya we rada mikir, berarti abi kudu nyiapkeun jatah
bolos kanggo UAS di UNIPI jaga-jaga nyandak hari biasa. Alhamdulillah tos
tidinya mah aman we sagala rupi teh da tos terang kumaha itu ieuna. Pas kuliah
di STAIPI, aya dosen Bahasa inggris anu kabeneran ngadosenan oge di UNIPI, pa
Hendra namina teh. Pas di STAIPI biasa da teu apaleun abi ge mahasiswa di UNIPI
oge. Ai pas semester 4 di UNIPI, pa Hendra aya jadwal di kelas abi, tidinya we
ka pendak abi kuliahna dua kampus. Ceuk pa Hendra teh “Sugan te mah kembar,
bengeut sarua, ngaran sarua, ai pek teh sajelema gening”. Ai abi mah seuri we
da teu terang kudu nyarios naon, cuman alhamdulillah teu aya masalah nanaon abi
kuliah teh, meskipun ceuk batur mah aya nu nyebutkeun da ulah kuliah di 2
kampus anu beda teh. Tapi da teu di dangukeun ku abi mah, da nu ngajalanina ge
abi. Pas kaluar nilai semester 3 di UNIPI, babaturan abi teh aya nu bingung,
kumaha ieu kumaha itu, “Ruq, kumaha ieu bisa eleh ku awewe 2 an, pelong nilai
si Dinda jeung teh Siti, A hungkul, ente ngan aya B hiji, saya B 2. Kumaha ieu
bisa eleh kieu ku awewe”. Ceuk abi teh “Naon masalahna? Keun we atuh da pira
nilai”. Ceuk Aceng teh “Eh atuh harga diri eleh ku awewe mah”. Ceuk abi teh “Ai
urang mah biasa we, itu mah A hungkul teh menang diajar serius, urang mah B
hiji teh teu serius-serius acan diajar oge. Beda eta teh, da prinsip urang mah
Why so serious?” ceuk aceng teh “Euh maneh mah angger”. Da emang kitu, nepikeun
ka detik ayeuna oge abi mah moal serius kanu hal-hal anu emang teu kudu di
seriusan. Nya alhamdulillah abi ayeuna tos semester 7 di UNIPI, semester 5 di
STAIPI, nilai teu aya nu bereum, aman. Syukur we tiasa ngajalani kehidupan anu
berbeda ti batur. Mugia sakitu carita ti abdi mah.
Hatur nuhun pami tos maca, pami sekilas mah teu nanaon oge sih, ngan tanggung mening sadayana maca teh meh teu salah faham. Hatur nuhun